“Bu Lia, apa sih pengalaman yang paling berkesan, selama mendampingi Kang Emil?” Aya nu tumaros kitu. Leng wéh, abdi ngahuleng, milarian bahan kanggé ngawalerna. Émutan mah kumalayang nyawang ka mangsa-mangsa anu tos karandapan. Ngimpleng, nyawang sadaya lalampahan salami ngambah sagara alam pernikahan. Bruh-bréh, ti ngawitan titimangsa jatukrami, didahup ku anjeunna, Kang Émil, dugi ka ayeuna. Nu mana nu paling berkesan, nya?

Kantenan, sadaya ogé tinangtos kagungan pangalaman kulawargina séwang-séwangan. Ti antawisna, tangtos aya pangalaman anu kareueut, kenangan-kenangan manis, nanging, teu sakedik ogé anu kalebet kana sesebatan pait-peuheurna kahirupan. Kitu, nya, da saurna kahirupan mah lir puteran roda téa. Kalan-kalan aya di luhur, kénging mangpirang kagumbiraan, sanés waktos mah kedah nampi kaayaan, aya di handap, nandang rupi-rupi kasesah tur kasedihan.


Alhamdulillah, kalayan widi tur kahéman Mantenna, Allah SWT, dikersakeun kénging imam kulawarga téh kalintang sabarna, dina mayunan épisod-épisod kahirupan. Kang Emil mah kalebet jalmi nu pantang menyerah. Disebat workoholic ogé rupina teu lepat, da muhun kitu, pekerja keras! Wangsul deui kana patarosan, naon pangalaman anu paling berkesan, rupina mangsa-mangsa nyarengan anjeunna, basa nuju ngumbara di nagri Paman Sam, tiasa janten walerananana.

Hiji waktos mah, harita, di Amerika téh kantos ngalih ka New York, ku margi Kang Emil kénging ku PHK. Pausahaan tempat damel anjeunna, di Baltimore, nyetop kerjasama sareng Indonesia. Ku kajantenan éta, Kang Emil kedah milari padamelan énggal.

Perjoangan nu kalintang abotna, milari damel di ditu téh, sanés bantrak-bantrakkeun. Kang Emil sering kénging penolakan ti pausahaan nu didongkapan, ku margi anjeunna urang Indonesia. Tapi, ku tiginna anjeunna kana cita-cita, ahirna alhamdulillah katampi di hiji pausahaan arsitektur nu pangmashurna di New York.


Di tempat énggal, di rorompok téh éstuning teu gaduh nanaon pisan. Kanggé masak gé mung aya hiji panci ‘multifungsi’, alias dianggé kanggé sagala rupi aktivitas masak. Cobi wé urang tataan, geura. Ti ngawitan ngadamel sangu, ngagoréng, ngesop, atanapi ngoséng… sadaya nganggé panci nu hiji-hijina éta! Tiap dinten abdi ngabekelan Kang Emil kangge makan siang, diwadahan nganggé misting.

Parabot di rorompok ogé kalintang basajanna. Kang Emil ngadamel nyalira rak tipi sareng méja makan. Émut kénéh, deuih, méja tamu mah nganggé dus anu ditaplakan. Kanggé kaperyogian meureumkeun soca, nganggé kasur angin. Upami kedah angkat-angkatan, nganggé subway, da bujeng-bujeng tos gaduh kendaraan sorangan.

Sok sanaos sakitu basajanna kaayaan, bari kaleresan nuju ngumbara di taneuh deungeun, nanging duh… aya ku éndah éta pangalaman. Kalintang berkesanna, sesah mihilapkeunana. Kahirupan kulawarga téh karaos janten ‘keluarga beneran’, karaos amis-paitna, seueur hikmah pelajaranana.

Pangalaman-pangalaman sanésna mah, manawi pareng, insya Alloh cuang guar dina seratan-seratan sanésna.
Comments
1 Comments
 
Cerita Atalia © 2013-2017. All Rights Reserved.
Top