Raden Dewi Sartika teh Pahlawan Nasional anu merjoangkeun harkat jeung darajat kaom wanita. Anjeuna dileler salaku pahlawan nasional dumasar kana SK Nomer: 252 taun 1966 nu ditawis ku Presiden Soekarno. Jenengan lengkepna Raden Dewi Sartika. Nanging di lingkungan kulawargana mah ngaran nenehna sok disebut Uwi. Anjeuna teh putra Raden Angga Somanagara sareng Raden Ayu Rajapermas.

Gumelarna Raden Dewi Sartika teh kaping 4 Desember 1884 di Bandung, nalika ramana janten Patih Afdeling di Mangunreja. Lengkah paripolah Raden Dewi Sartika benten sareng barudak istri jaman harita. Raden Dewi Sartika singer, pinter, tur luhur wawanen. Raden Dewi Sartika janten istri nu binangkit, wanoja anu binekas, kalayan rancage makalangan.

Kumargi ramana janten Patih Bandung, Raden Dewi Sartika sareng dulur-dulurna kenging sakla di Eerste Klasse School nyaeta sakola anu sataraf jeung sakola dasar. Sakola ieu teh husus keur bangsa Walanda. Di dieu Raden Dewi Sartika kenging kasempetan kanggo ningkatkeun pangaweruh bari diajar basa Walanda sareng basa Inggris. Unggal acara - acara penting, Patih Somanagara sok nyandak palaputrana. Tina kagiatan-kagiatan kieu, Raden Dewi Sartika kenging seueur pangaweruh sareng pangalaman anu ngalegaan wawasanana.

Raden Dewi Sartika hanjakal teu lila sakolana, anjeunna kedah eureun di kelas 2B lantaran ramana Raden Rangga Somanagara dihukum buang ka Ternate lantaran dianggap nanduk ka pamarentahan Walanda. Raden Dewi Sartika dititipkeun ka uana Raden Arya Surakarta Adiningrat anu katelah Arya Patih Cicalengka

Bakat ngaguruan geus katembong ti bubudak. Kaulinannana sok sasakolaan di tukangeun imahna. Babaturannana arulin diajar maca, nulis, jeung ngitung. Sabakna ku kenteng, geripna ku areng atawa apu. Harita Raden Dewi Sartika nyakseni yen darajat kaom wanita teh sahandapeun kaom lalaki. Kaom wanita jaman harita wuwuh ngeuyeumbeu, bodo, ngan ulu kutek di dapur ngaulaan nu jadi salaki. Kaayaan ieu, ngahudangkeun pamadegan Raden Dewi Sartika pikeun ngamajukeun kaom wanita ngalangkungan pendidikan. Raden Dewi Sartika hoyong ngayakeun sakola anu husus pikeun kaom wanita sangkan harkat darajatna satata jeung kaom pria.

Dina taun 1902, harita Raden Dewi Sartika nincak umur 18 taun, ngalih ka Bandung kempel deui sareng ibuna nu nembe mulih ti Ternate, da ramana pupus di pangbuangan. Dina hiji waktos, Raden Dewi Sartika ngadeuheus ka uana nu janten Bupati Bandung R. A. Martanegara, anjeuna ngadugikeun pamaksadannana hoyong ngadegkeun sakola pikeun kaom wanita. Pamentana ku uana ditedunan, teras tanggal 16 Januari 1904 Raden Dewi Sartika ngadegkeun sakola anu tempatna di Pendopo Kabupaten sarta dingaranan Sakola Istri. Ieu teh minangka sakola anu munggaran nu aya di Indonesia pikeun kaom wanoja. Guruna aya tilu, nyaeta Raden Dewi Sartika, Nyi Poerwa, jeung Nyi Oewit. Beuki lila sakola istri teh beuki maju, muridna beuki nambahan.

Taun 1906, Raden Dewi Sartika nikah sareng Raden Kanduruan Agah Suriawinata. Saparantos nikah, Raden Dewi Sartika kenging bimbingan ti carogena kanggo ngkolakeun jeung ngembagkeun sakola istri,

Kaping 5 November 1910 dibentuk Pakempelan Kautamaan Istri. Maksad diayakeunana pakempelen ieu pikeun ngadukung, ngembangkeun, jeung ngawangun sakola keur kaom wanoja bumiputra anu dipingpin ku Raden Dewi Sartika. Saterasna sakola istri digentos namina janten Sakola Kautamaan Istri. Dina waktos anu singger, Sakola Kautamaan Istri teras majeng dugikeun ka seueur cabangna di Jawa Barat, di antawisna di Sumedang, Cianjur, Sukabumi, Tasikmalaya, Garut sareng Purwakarta.

Taun ajaran 1913 jumlah muridna oge aya 215 urang. Sakola Kautamaan Istri mangrupikeun sakola bumi putra anu kaetang ageung tur kualitasna sae. Malahan taun 1911 Gubernur Jenderal Indeburg ngahaja ngayakeun kunjungan ka Sakola Kautamaan Istri lantaran tos kakoncara kamana-mana. Taun 1916, istri Gubernur Jenderal Hindia Belanda nu ngagentos Tuan Indenburg nya eta Nyonya Limburg van Stirum oge nyumpingan Sakola Kautamaan Istri.

Kaping 25 Juli 1939 R. Agah Kanduruan Surawinata ngantunkeun. Saparantos carogena ngantunkeun, Raden Dewi Sartika tetep tekun ngamajukeun sakola kautamaan istri. Nanging, kaping 11 September 1947 Raden Dewi Sartika dipundut ku Alloh swt. Anjeuna dimakamkeun di Pemakaman Cigagadon, Desa Rahayu, Kecamatan Cineam. Taun 1950, makamna dialihkeun ka Bandung di Komplek Pemakaman Bupati Bandung, Jalan Karang Anyar.

Kanggo masihan kahormatan kana sagala jasana, kaping 17 April 1951 dibentuk Yayasan Raden Dewi Sartika, anu saterasna ngokolakeun sareng ngamajengkeun Sakola Dewi Sartika.

Kitu riwayat singget perjoangan Raden Dewi Sartika dina widang pendidikan. Lantaran jasana, Presiden Republik Indonesia netepkeun Raden Dewi Sartika salaku Pahlawan Kamerdekaan Nasiona anu ditetepkeun ngalangkungan SK No. 252 taun 1966 nu ditawis ku Presiden Soekarno.

Jenengan Raden Dewi Sartika teras seungit ngadalingding, nilai-nilai perjoanganana teras digedurkeun janten sumanget pikeun ngawangun bangsa jeung nagara Indonesia. Amin.

(Sumber : Paguyuban Pasundan, dibacakan saat upacara peringatan perjuangan Dewi Sartika. 4 Desember 2015)

Comments
0 Comments

0 comments:

 
Cerita Atalia © 2013-2017. All Rights Reserved.
Top