• Kabar

    10 Mei 2017

    Imut Bagja Para Lansia, Kagumbira Urang Sadaya


    Baraya, rupina mung di Kota Bandung ieu mah. Aya hiji bidang nu kalebet kana salah sawios dinas, anu ngahususkeun diri dina maparin pelayanan kanggo para lansia (lanjut usia). Ieu bidang di DP3APM téh hiji-hijina nu aya di Indonesia, atanapi malah mah tiasa janten hiji-hijina sa-alam dunya. Tugasna: merhatoskeun hak-hak para lansia.

    Di Bandung, sadaya warga masarakat kedah kénging kabagjaan. Sanés mung ukur wawaréhan, nanging kedah sadayana. Kalebet, para lansia. Dina raraga ngawujudkeun harepan éta, rupining infrastruktur diperhatoskeun supados tiasa ‘ramah lansia’, di antawisna taman sareng trotoar nu parantos kasaksén ku urang sadaya.

    Nanging, kantenan teu cekap mung ku perkawis infrastruktur éta. Kedah aya ihtiar ogé kanggo ngarojong para lansia supados aranjeuna tetep kagungan karancagé, tetep berkarya kalayan maparin mangpaat ka masarakat, sok sanaos yuswana tos sarepuh.


    Dinten kamari, para lansia Bandung karempel dina raraga ngiringan acara ‘Training ESQ (Emotional Spiritual Quotient). ESQ téh urang parantos sami maphum kalintang pentingna, di sagedengeun IQ (Intelligence Quotient), pikeun pibekeleun insan dina nyorang alam kahirupan séwang-séwangan.

    Alhamdulillah, sadaya lansia katawis gumbira ti awal tug dugi ka ahir acara. Aranjeunna samalih antusias kacida. Satutas acara, aya nu cumarios kieu, “Bu, pangdugikeun hatur nuhun ka Kang Emil… di Bandung para lansia diperhatoskeun… di Bandung para lansia dihargaan sareng dibagjakeun….”


    Baraya, tumerapna ka abdi mah éta cariosan téh lir cihérang ngagenyas nu nyieuhkeun rungruman rasa lungsé. Kacapé sadinten jeput, ilang musna ku kalimah sareng imut bagja aranjeunna. Sami-sami, Bapa, Ibu… mugia sadaya salamina kénging kabagjaan, dunia rawuh ahérat jaga. Aamiin ya rabbal ‘alamiin.

    Apresiasi

    Inspirasi

    Media