• Kabar

    18 Mei 2014

    Nu Mamaksa Micinta


    Alhamdulillah, bingah pisan, kénging kintunan tautan di ramatloka (jejaring sosial). Nalika di-klik, bréh téh, foto sim kuring pisan, nuju ngibing 'Ratu Geni' dina hiji pagelaran. Nu ngintun foto téh tumaros, “Bu Lia ternyata bisa nari, ya? Gimana rasanya nari lagi di pergelaran seperti itu?”

    Atuh kantenan wéh, bingah pisan sim kuring ngiring aub dina pagelaran éta téh. Sanés mung ukur bingah, ogé ras émut ka Mamah, pun biang. Anjeunna pisan nu ngenalkeun kana dunia tari. Kapungkur, anjeunna nu 'mamaksa' sim kuring kanggé ngiring lés tari. Ku alpukah anjeunna pisan, ahirna sim kuring micinta dunya tari téh.

    Pangalaman éta janten cecepengan, wiréh micinta Sunda sareng budayana mémang moal tiasa dileupaskeun tina yasana kaom ibu. Peran sareng fungsi para ibu kalintang ageungna, kedah kénging aprésiasi ti sadaya. Ku alpukah para ibu rumah tangga, dina ngenalkeun sagala hal anu patali sareng kasundaan, seni budaya Sunda baris tiasa teras nanjeur ka payunna.

    Kasadaran ngeunaan fungsi kaom ibu ieu, rupina kedah janten perhatosan urang sadaya, ti ngawitan ayeuna. Dina leresan ieu, ajakan Kang Emil, dina raraga ‘Rebo Nyunda’ tiasa janten pangjurung ka urang sadaya. Saur anjeunna: “Hayu mumulé budaya Lemah Cai urang. Mun teu urang ku saha deui, mun teu ayeuna iraha deui.”

    Apresiasi

    Inspirasi

    Media