• Kabar

    10 Januari 2018

    Bismillah, Ngawitan Ngaléngkah....


    Dinten ieu kanggo simkuring mangrupi hiji tonggak sajarah énggal. Hiji titimangsa kanggé ngaléngkah deui nyarengan Kang Emil dina perjuangan babak salajengna nu baris dipayunan.

    Nanging, ieu nembé saléngkah nu parantos dijalankeun. Masih aya kénéh puluhan, malah mah tiasa janten ratusan léngkah anu kedah dirandapan kapayunna.

    Neda pangdunga sareng pangrojong ti Bapa Ibu, Akang Teteh, para wargi simkuring sadayana. Mugia ieu léngkah-léngkah téh dipaparin kalancaran sareng aya dina rido Allah SWT. Aamiin ya rabbal alamiin.

    Hayu ngaléngkah sareng RINDU, Ridwan Kamil sareng Uu, kanggo Jawa Barat anu juara lahir batin.

    Bismillah....

    Apresiasi

    Inspirasi

    Media