• Kabar

    06 September 2018

    Sah, Mamah Papah Jawa Barat!


    Bismillah... astagfirullah....

    Bapa Ibu, Akang Tétéh, dulur-dulur sadaya... Niti wanci nincak mangsa, kalayan widi Gusti Allah SWT, dinten kamari (5/9/2018) simkuring nyarengan Kang Emil parantos sah diistrénan janten Mamah Papah Jawa Barat.


    Wartos ngeunaan pelantikan gubernur énggal Jabar mah tangtos sami-sami parantos kauninga dina rupining media anu ngadamel liputanana.


    Kapercantenan ieu téh éstuning hiji amanah anu abot kanggo ngajalankeunana. Nanging, ku ayana pangrojong sareng bantosan ti sadaya pihak mah insya Allah, paniatan kanggo ngamajengkeun Jawa Barat tiasa dipilampah tarékahna ku urang sadaya.





    Neda pangdunga ti Bapa Ibu, Akang Tétéh, dulur-dulur sadayana, mugia ieu amanah janten Mamah Papah Jawa Barat téh tiasa kalaksanakeun kalayan lungsur-langsar, cocog sareng harepan urang sadaya, kalayan dina aya kakiranganana hayu sami-sami sampurnakeun, dalah saupami aya hasil anu saéna mah kanggo kamaslahatan urang saréréa. Mugia sagala rupina aya dina ridho sareng rohmat Allah SWT. Aamiin ya rabbal alamiin.

    Hatur nuhuuun!

    Apresiasi

    Inspirasi

    Media