Sajak Tepang Taun kanggo Aa ti Si Cinta



Wilujeng tepang taun, A Emil sayang ...

mugi panceg weweg ngadeg
inspiratif kukuh pengkuh
dipikahéman sadaya
kénging asih balaréa

teuneung ludeung nyorang jalan
dina teu kendat bajoang
kanggo ieu kulawarga
pikeun bangsa tur nagara

mugia dina luméngkah
ditangtayungan Mantenna
taya anu sia-sia
kénging hasil paripurna

barokalloh fi umrika
love you full as always téa
ogé moal hilap nyebat:
salam sixpack salawasna!

 views

0 comments